UNDANGAN REUNI KELUARGA

| Senin, 12 Maret 2012

Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Alhamdulillah, sagala puji tetep kagungan Alloh SWT, sholawat miwah salam kawilujeungan tetep Ka Kanjeng Nabi Muhammad SAW, mugia dugi kakulawargina, parat ka sohabat, tamat kanu janten umat, mudah-mudahan urang sakulawargi sing kalebeut umatna nu ta’at tur tumut kana ajaran mantena, Amin.

Dina raraga ngareketkeun tali silaturahmi, simkuring atas nami kulawargi Abah H. Edi Senapati, ngulem ka para wargi sadaya dina :

Dinten             : Minggu
Kaping            : 17 Maret 2012
Waktos           : Tabuh 09.00 (enjing-enjing)
Tempat           : Bumi Abah H. Edi Senapati
Acara             Tepang Sono

Mangrupikeun kabingahan saupami para wargi tiasa ngaluwuhan kana ieu acara dina waktosna.

Wassalamu’alaikum Wr. Wb. 

0 komentar:

Posting Komentar

Next Prev
▲Top▲